Rabu, 14 Maret 2012



KAHIRUPAN DI LEMBUR




 Kahirupan Jaman Baheula 

Hirup di lembur jaman baheula asa ku ni'mat pisan bari jeung sagala kakurangan oge, teu acan aya listrik, anu gaduh tipi oge ngan aya dua urang tina salembur teh nyaeta mang Ohen jeung mang Mama, eta tipi ngahurungkeun na teh nganggo aki mobil, harita mah saluran tipi ngan aya hiji-hijina nyaeta TVRI tea, lamun hayang nonton tipi teh kudu ngintip dina jandela malahmah anu pikaseurieun, di imah mang Ohen lamun hayang nonton tipi barudak teh kudu mawa suluh minangka na mah keur mayar meureun. Ari harita acara anu dipikaresep ku barudak teh nyaeta film boneka Si Unyil, ngan kitu keur resep nonton pes teh tipi na parem kusabab aki na seep setrum, bubar tah kabeh barudak anu geus pinuh di jero imah mang Mama teh, tukang setrum aki oge harita teh jauh kacida ngan aya dua, H. Sarmili di Pasar Caringin jeung Mualim Emad di Lembur Nanggoh, lamun arek disetrum kudu digotong kua dua atawa tilu urang, nyetrum na tilu poe an. 

Kahirupan sapopoe kaum lalaki nyaeta tani melak pare atawa pepelakan di kebon, tiisuk dugi ka wanci lohor, wanci lohor baralik ka imah tur sholat lohor di mesjid lembur anu ngan hiji-hijina harita mah, ba'da lohor biasana mah sok ngarit neangan jukut keur pipiaraan embe anu dipiara ditukangeun imah dugi ka ashar, dur ashar baralik tur sarolat ashar di mesjid, ba'da ashar biasana mah sok ngariung di tepas bari jeung ngadengekeun dogeng mama Arif Hidayat dina radio, asa ku waas mun inget ka dinya, dur maghrib kolot jeung budak rabul ka Mesjid, rame pisan di mesjid teh, anu sok jadi Imam harita mah nyaeta almarhum mang Oleh anu aslina mah anjeuna teh urang Cicurug ngan ngumbara ka ieu lembur. Lamun kabeneran anjeuna teu aya anu sok jadi imam teh almarhum aki Amit, ngan lamun anjeuna ngaimaman barudak teh sok balubar, majar teh ari Imam na Aki Amit mah maca Surat na sok lila, cangkeul ceunah. Ba'da Maghrib barudak ngaraji aya anu di imah wa Dedah, aya oge anu di Imah Ma Nenah, ngaji teh di lampuan ku lampu teplok, sabulan sakali saihlasna masihan iuran harita mah 5 perak. Anu reuseup pisan lamun aya anu khatam Al-Qur'an, nyaeta sok aya sangu uduk di bagi-bagi. Ngomongkeun sangu uduk, kacida resepna lamun aya anu salametan atawa tahlilan, ceuk barudak mah "Jomet" alias ngejo saemet, ari kolot mah di jarero imah, ngan ari barudak leutik sok titah nungguan di laluar, lamun geus maca amin barudak paheula-heula ka lawang dapur, jol nu bonga imah mawa nyiru berebet barudak lumpat paheula-heula sieun teu kabagean tea. Harita mah ngadahar daging teh boh daging hayam atawa daging kebo sataun teh ngan ukur 4 kali, nyaeta lebaran idul fitri, lebaran haji, muludan jeung rajaban, mangkana lamun aya anu salametan resep kacida.
 Carita Lebaran, aya babaraha kabiasaan anu teu pernah dilakonan di jaman kiwari. Baheula dua poe samemeh lebaran dilembur geus aheng, anu boga kulah dibedahkeun, anu boga hayam teu di abur, majar teh rek dipencit isukan, anu boga duit arindit ka pasar, balanja baju anyar, sapatu anyar, sendal anyar, samping jeung kopeah anyar. anu dilembur sibuk beberesih mesjid, aya oge anu naluaran ayi andong pikeun dijieun "belecon", ari jang meuli karbitna teh aya salah saurang anu nguriling menta sumbangan. Anu teu boga pipiaraan sok miluan andilan/arisan daging kebo, nyaeta ngumpulkeun duit dina sataun keur meli kebo, poenan meuncit kebo isuk-isuk pisan geus rame. Ari der na malem takbiran kacida rame na, kusabab harita mah teu acan aya listrik, jalan sakuriling lembur dicaangan ku obor meunang nyarieun barudak. Tengah peuting, di komandanan ku Mang Opan barudak diajak ngadugdag ngurilingan lembur bari mawa nyiru terus nyimpang ka unggal imah menta sumbangan dahareun, aya anu mere wajit, oli ketan, rangginang, kembang goyang, kupat, daging hayam jeung rupa-rupa kadaharan.Poe na lebaran kacida rame na ari dilembur, barudak leutik marake baju anyar, kitu oge kolot-kolotna.

Dina widang pendidikan, baheula sakola TK teu aya di ieu lembur, barudak anu geus tujuh taun langsung asup SD, SD oge harita mah jauh kacida nyaeta kudu ka lembur Nanggoh/Cimande,  jarak na aya meureun kira-kira sapuluh kilo mah, ngaliwatan sawah, wahangan, jeung rungkun awi, bari jeung sok diajakan gelut heula ku urang Cikodok samemeh sakola teh. Sanajan kitu urang Pabangbon katelah palalinter di sakola, anu jadi Juara hiji pastina urang Pabangbon, ti mimitian si Kohar incuna ema Sarimanah, eta budak pangpinterna, terus aya si Usman putra mang Ukas rengking hiji wae, sahandapeunna aya si Madi budak yatim, eta oge pinter kacida malahmah meunang beasiswa sagala, sahandapeunna deui aya si Solahudin putra Mang Dayat anu udag-udagan rengking hiji jeung si Herman putrana Mang Mama. Kira-kira tahun 1986 ngadeg SD Negeri Curugdeng-deng, ti harita barudak teh sakolana ka ieu SD, majar mah deket.

Senin, 12 Maret 2012

Asal Usul Jeung Sejarah 

Ngaran Pabangbon teh teu sambarang ngaran, ieu ngaran lembur ngandung arti jeung sejarah anu panjang. Urang ulik geura yeuh, kalimah Pabangbon teh asal kata tina Pabambuan anu artina bambu atanapi awi anu loba, memang oge lembur Pabangbon teh di kurilingan ku rungkun awi anu teu aya tungtungna, ti bates belah kaler nepi ka wetan terus ka kidul sapapanjangna teh rungkun awi, rupa-rupa awi hirup di lembur ieu, ngan duka saha anu ngamimitian melak ieu awi, dugi ka kiwari oge teu aya nu terangen, boh 
kitu deui saha anu ngamimitian mere ngaran ieu lembur jadi lembur Pabangbon dugi ka kiwari teu aya nu terangen. Rupi-rupi awi ngandung loba mangpaat, baheula mah ngawangun imah oge ngagunakeun awi ti mimiti bilik kanggo dinding, ereng kanggo hateup dugika tepas jeung tihang imah sadayana nganggo awi. kitu deui jamban di susukan di damelna teh tina awi. Peralatan rumah tangga ti mimiti korsi, aseupan, boboko, hihid nepi ka bale keur sare jeung kekedengan baheula mah sadayana di damel tina awi, Kiwari mah awi teh sok dituaran kanggo ngadamel langlayangan, ku kituna di lembur Pabangbon seeur pisan tukang ngadamelan arpu atawa rangka langlayangan, salian ti eta lembur cikodok girang jeung lembur bendungan anu katelah sentra produksi langlayangan keur wilayah Jabodetabek ngalaan awi na ti lembur Pabangbon, mangtaun taun eta awi di tuaran tapi dugi ka kiwari eta awi teu daeken seep malahmah mingkin ngalobaan, bari jeung teu pernah di pupuk komo aya anu miara mah, sajadi jadina ku sorangan wae.

 Ari Sajarah ieu lembur, dugi ka kiwari teu aya data otentik anu ngabuktikeun iraha ngamimitianna ieu lembur, ngan ari ceuk beja mah ieu lembur geus aya ti sateucana Bangsa Belanda datang ngajajah ka ieu Negeri, diperkirakeun ieu lembur geus aya ti jaman Karajaan Pajajaran samasa kakuasaan Prabu Siliwangi tepat na mah akhir masa Kajayaan Karajaan Pajajaran sateuacan dongkapna Agama Islam, kenging wartos mah, basa pengikut Prabu Siliwangi anu eleh perang ngalawan Karajaan Demak, lalumpatan nyumput ka ieu lembur anu baheulana masih mangrupa leuweung   
geledegan, aya meureun kira-kira 10 urangan mah, salah sahijina anu kasebat nyaeta Mbah Gintung, anjeuna ngadamel wahangan anu maksadna supaya musuh tue bisa meuntas ka ieu lembur, dugi kakiwari disebatna oge susukan cigintung, eta susukan dina usum halodo panjang oge teu pernah saat caina, dina kaayaan cuaca naon wae eta susukan aya wae caian, kiwari mah bisa nyaian sawah jeung kulah ka urang lembur. Salian eta cikal bakal masyarakat Pabangbon teh nyaeta Ma Munah, Nini Omay jeung abah Conom. Duka kumaha ngamimitianna aya salah sahiji pendapat anu nyebatkeun yen dilembur Pabangbon mah imah jeung suhunan teu menang leuwih jeung teu menang kurang ti opat puluh suhunan, dugi ka kiwari oge imah dilembur Pabangbon mah teu pernah leuwih atanapi kurang opat puluh suhunan, lamun aya imah anu anyar ngabangun teu lila sok aya warga anu ngalih ka lembur sejen tur imahna dibongkar, sabalikna lamun aya warga anu ngalih ka lembur sejen teu lila aya turunan urang pabangbon anu dongkap jeung nyicingan ieu lembur. Tah jaman baheula maranehna hirup tentrem di ieu lembur. Beh dieu Agama Islam asup ka ieu lembur, dugi ka aya pasantren ageung baheula na teh anu dipingpin ku abah Ja'i. 

Ngamimitian jaman Penjajahan Belanda, ieu lembur dipake panyumputan pajuang jeung tentara rahayat bangsa Indonesia, lamun aya tentara Belanda anu katewak terus sok dipiceun ka jungkrang palebah wetan, arwahna teh sok ngarasa tiiseun jeng sok kadenge keun sora enak...enak...enak, mangkana dugi kakiwari aya hiji cai susukan palebah wetan anu kasebut cienak-enak. Buktos nu sanes nyaeta aya saksi hirup anu ngaranna abah Otoh, anjeuna salahsahiji pajuang kemerdekaan di wilayah Caringin boh kitu deui istrina ema Sarimanah, anjeuna teh purah nyayagikeun kadaharan keur para pajuang jeung tentara Indonesia anu nyarumput di ieu lembur.

Kiwari anu nyicingan ieu lembur nyaeta turunan ti Ma Munah, Nini Omay ejeung abah Conom tea, leuwih kurang aya meureun kira-kira 120 urangan mah jeung barudak leutikna anu nempatan kira-kira opat puluh suhunan tea. Aya oge anu ngumbara ka lembur sejen, anu ngumbara mah rata-rata jaradi jelema sukses, jiga H. Didin putrana almarhum aki Halimi urang wetan anu ngumbara ka lembur Curugdeng-deng peuntas  kantos jadi kepala KUA disababaraha Kecamatan di Kabupaten Bogor, aya deui H. Chevi putrana almarhum bapak Supandi (Salah sahiji Pajuang Kemerdekaan) anu ayeuna ngagaduhan babaraha Perusahaan, atuh kabehdieukeun aya si Jimin aslina mah eta budak teh ngarana si Asep, nyaeta kitu ari di lembur mah sok ngaganti-ganti ngaran batur, ayeuna ceunah mah geus gawe di Kantor Pajak Jakarta, atuh si Herman anu ngumbara ka Ciomas ceunah mah geus jadi menejer. Barudak anu di lembur mah kitu wae digarawena teh lamun teu ka kebon paling oge ngojeg di Pasar Caringin.

LEMBUR PABANGBON 

 Letak Geografis 

Lembur Pabangbon mangrupa salah sahiji lembur pasisian anu aya di lingkup Taneh Pasundan nyaeta di Bogor, persisna di Desa Lemahduhur Kecamatan Caringin Kabupaten Bogor. Ieu lembur kondisi alamna nyaeta di lingkup ku dua Gunung nyaeta Gunung Salak di belah kulon jeung Gunung Gede di belah wetan. Sabudeurana Sawah jeung Kebon, tapi kiwari mah loba keneh kebon ti batan sawah, kusabab ceuk Mang Oding mah nyawah teh lila kahasilna, loba hama na, rada hese caina tur gede biayana ari hasilna teu sabaraha, kusabab eta loba keneh anu ngebon, rupi-rupi kebon utamina kebon sampe, hui boled, jagong, bangkuang jeung tatanen lainna.


Aya dua susukan (wahangan alit) di ieu lembur di belah kidul aya susukan caringin jeung belah kaer aya susukan cigintung. Bates lembur di belah kidul berbatesan jeung lembur bendungan belah kaler jeung lembur Curugdengdeng tonggoh, belah kulon jeung lembur Curugdengdeng lebak ari belah wetan berbatesan jeung hiji leuweung anu terusna ka lembur Cikodok (Salah sahiji lembur di kasepuhan Cimande).

 Salian loba kebon ieu lembur Pabangbon dikurilingan ku rungkun awi, ti mimiti belah kaler terus ka wetan, rupi-rupi awi aya didieu, ti mimiti awi anong, awi bitung,awi haur nepi ka awi papaletan, salian ti eta aya oge tutuwuhan anu hirup sorangan saperti kelewih, tangkal kai jeung rupa-rupa tutuwuhan.

Turunan jalan satapak upami hujan lesang kacida  

Akses jalan ka lembur Pabangbon dugi ka kiwari anu sapopoe di liwatan ku warga masyarakat mung jalan satapak di tembok kenging swadaya Masyarakat, ari motor wae mah bisa wae liwat ngan lamun papasan atawa aya nu lempang sok kudu nyisi heula, upami hujan eta jalan lesang pisan, loba anu labuh ti mimiti tikecebur ka sawah nepi ka aya motor nyungsruk ka gawir. Kungsi harita Ceu Milah anu boga warung balik ti pasar naek ojeg labuh ka gawir jeung ojeg jeung balanyaanna, ceu Milah sorangan milu labuh bari jeung katinihan beas sakarung anu 50 Kg, alusna wae masih keneh ditangtayungan ku Gusti, teu nanaon pisan ngan rada barared jeung sukuna nu belah kenca pateh. Kungsi oge Mang Endang rek mangkat gawe isuk-isuk ojeg mang Jamal anu di taekan teu kuateun nanjak terus ngaguling ka susukan, atuh bajuna bararaseh, teu jadi tah mangkat gawena. Saleresna mah aya jalan anu bisa diliwatan ku mobil nyaeta jalan ka Legok Rusdi, di bangun kira-kira 5 tahun katukang, tapina eta jalan teh mangrupa taneh lamun kahujanan jadi leutak jiga sawah menang nyambut, boro boro bisa diliwatan mobil, jelema liwat oge meni hese, mangkaning ari di Bogor mah usum hujan teh sapanjang tahun, praktis eta jalan teu guna.

Kamis, 08 Maret 2012

Posting Pertama

Teman-teman blogger, ini adalah postingan pertama saya. Di blog ini nantinya akan saya informasikan mengenai keberadaan kampung saya yang bernama kampung Pabangbon, terletak di Desa Lemahduhur Kecamatan Caringin Kab. Bogor, berada agak dipedalaman, mudah2an apa yang saya sampaikan dapat memberikan informasi mengenai kampung kami dan bermanfaat buat warga kampung Pabangbon pada umumnya.

Terima kasih, wassalam